AMANAT SYAIKHUNA PANGERSA
ABAH UCI CILONGOK
.
فالافضل فى اخر الزمان الاستغال فى تعلم العلم ونشره. لان ذلك بشرط صلاح النية افضل من قيام الليل وصيام النهار والخلوة والعجلة. فهو قرة عين رسول الله صلى الله عليه وسلم
:
Euweuh deui amal anu paling afdhol di akhir zaman ieu iwal ti katungkul ku ngaji.
Asalkeun hate urang ihlash niatna, leuih alus tibatan qiamullail, siamunnahar, kholwah jeung ujlah, sabab ngaji teh amal anu paling di pikacinta ku Kanjeng Nabi Muhammad SAW.
Ulah leutik hate, gedekeun himmah. Salah mun santri santri hayang jadi leutik himmah.
Ku geus aya di pasantren berarti urang teh geus di spesialkeun ku Gusti Allah. Urang geus aya dina thoriqhoh anu kacida mahalna. Mana deui thoriqhoh anu langkung utami ti thoriqhoh taallum ilmu & ta lim?.
Mudah- mudahan urang di jadikeun santri anu istiqhomah, sarta urang tiasa ngamangfaatkeun kana naon wae elmu anu geus aya di urang.
Loba jalma anu baroga elmu, tapi ngarasa teu baroga elmu, eta teh salah tea. Palebah urang mah ( santri) cicing di kobong sok asa teu boga elmu, padahal mh Alfiyah geus tamat, juman geus tamat, qur'anna ge di talar. Kapan geus laluhur eta elmu teh.?
العالم والمتعلم شركان فى الخير:.
Guru jeung murid salamina aya dina kasaraean.
Sok sing harasil maksad jeung marangfaat elmu.
Ulah laleutik hate.!!
Di sunting oleh;
Raden Samudra Sandra Cipta Cinta Malleha Batavia.

No comments:
Post a Comment